tuangeun itu bae tina sawah girang, jeung kuring doakeun supaya salamet.”
Indungna seuri bari ngomong, ”Heueuh, maneh banyol teh malik ka temen, heug atuh didoakeun ku ema.”
43. MEPETEK
| Hartina: | malarat, nurutkeun kaayaanana lauk pepetek, bangunna gepeng, teu rea dagingna. |
Ki Tanu dipariksa ku Juragan Patih, saurna, ”Tanu, ari Ki Murin ayeuna aya keneh?”
Tanu, ”Sumuhun aya, salembur sareng bapana.”
Patih, ”Masih keneh jual meuli sapi?”
”Henteu, ayeuna mah pingges modal, margi manehna udur panas, ari parantos cageur, teu tiasa ngajalankeun deui pagaweanana, da ngan tiktikbrek bae.”
Patih, ”Ari bapana lega keneh sawahna?”
Tanu, ”Parantos dijualan, dipake mulasara namba-nambakeun Ki Murin; ayeuna mah bapana oge parantos mepete pisan.”
44. MEUBEUT MEULIT
Hartina: mamawa.
Hiji peuting kira wanci sareureuh budak, Ki Arsin datang ka imah aki Siam. Barang lebah golodog tuluy ngomong, pokna, ”Punten nun.”
Aki Siam, ”Rampes, saha eta?”
Arsin, ”Kuring ti landeuh.”
Aki, ”Sada Ki Arsin? baeu calik!”
Tuluy Ki Arsin unggah. Ari geus diuk tuluy ngomong, pokna, ”Aki, cik kuring tulungan, pangbejakeun ka Ki Api, lamun sakali-kali deui mendet huluwotan kuring, tangtu ku kuring