didawakeun ka Lurah atawa ka Juragan Camat.”
Jawab aki Siam bari semu reuwas, ”Beu! ujang ulah nitah aki, da aki geus kolot, embung milu-milu kana panyerewedan, sieun kababawa.”
Arsin, ”Naha kababawa kumaha? ieu mah ngan mangbejakeun.”
Aki, ”Hih, teu kitu; mangke, lamun kajadian, meureun Aki kababawa; pendekna, embung aki mah ngabejakeun, sieun meubeut meulit.”
45. MIPIT TEU AMIT, NGALA TEU MENTA
Hartina: maling.
Ki Kodok, suanna Asisor, unggal peuting sok ka kebon Asisor, malingan jeruk bali, paseh jeung jeruk ragi. Nu matak wani malingan di dinya, sabab pikirna Ki Kodok, najan kapanggih ku uana, moal datang ka dihukum.
Wates tilu-opat nepi ka lima kali mah, teu kanyahoan, ngan ngajadikeun heran bae ka Asisor, sabab jerukna nu sakitu leubeutna, ayeuna jadi corengcang jeung euweuh nu kolot.
Tina Asisor panasaran sarta boga pikiran tangtu ieu jeruk aya nu malingan, sorena pek diintip di kebonna jeung bujang-bujangna.
Barang geus pukul 9, jol Ki Kodok dodongkoan, mawa colen; terus ngadamaran jeruk. Harita kabeneran ngadamaran palebah nu asak; geuwat diala, bari tuluy mipitan jeruk paseh jeung jeruk ragi.
Sabot keur mipitan pek disampeurkeun ku Asisor jeung bujang-bujangna tea bari dicekel.
Ari disidikkeun bet Ki Kodok; tuluy dibawa ka buruan sarta diriung ku salembur eta.
Asisor, ”Nya ieu duruwiksana, nu sok ngabadogan jeruk teh;