Lompat ke isi

Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan V.pdf/47

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

naha sia teu rumasa teuing, anak sia oge kamari meupeuskeun kendi aing, parandene aing mah teu ngitung rugi, sakitu-kitu bae mah; naha ari sia bet kitu? Ari ayeuna mah geus bae, ngan ti saserek ayeuna wawuh teh dideuleu-deuleuna bet rek nyieun poe bungsuna sia.”

Nyi Sarminem tuluy balik bari gegelendeng.”

Atawa.

Nyi Putri jeung ibuna sili rangkul, sili tangisan kawantu rek papisah jauh, inggis jadi poe bungsuna.


58. NYICIKEUN CAI, MURULUKKEUN LEBU

Hartina: turun cadu.

Ki Juman unggal-unggal aya pangabutuhna euweuh deui mentana tulung ngan ka lanceukna, ka Ki Rasmu. Kitu deui Ki Rasmu teu weleh-weleh nulung, tina ngingetkeun ka dulur; tapi lamun Ki Juman dititah ku Ki Rasmu, weleh tara ngagugu.

Hiji mangsa Ki Rasmu kudana leupas. Geuwat nyalukan Ki Juman, menta dibantuan newak kuda, tapi teu daekeun. Jadi Ki Rasmu lulumpatan, ngudag-ngudag kudana ngan sorangan bae, ripuheun pisan.

Barang kudana geus beunang, sarta geus diasupkeun ka gedogan, Ki Juman dicalukan, omongna, ”Juman, ti saserek ayeuna aing nyicikeun cai, murulukkeun lebu, moal deui-deui nulung ka sia teh; lain cara kana pangabutuhna, jol deui, jol deui ka aing, ari sia sakalieun dipentaan tulung newak kuda oge, teu daek.”

Ki Juman cicing teu ngomong.


59. NYOKOR = NENGTEREGE = NINGNANG

Hartina: nu make papakean sagala teu pantes.

Si Sayem ngomong ka indungna, pokna, ”Ema, cing, kuring

39