Lompat ke isi

Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan V.pdf/49

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Si Kadut bae nu dipikanyaah teh; coba terangkeun ka kami, naon sababna nu matak kitu.”

Walon Sinti, ”Kieu, kang, sababna: Tina baraya urang nu sakitu reana, geuning euweuh hiji nu bela lian ti Si Kadut; geura basa urang garering, ngan si eta bae nu kencar-kencir nurutkeun titahan urang teh; basa akang ragrag tina tangkal rambutan, ngan si eta nu gagaukan nyeungceurikan akang; eta tanda milu reuwas, milu nyaah, nepi ka dibelaan manehna teu hees, nungguan akang, mantuan kuring, jeung basa kuring rek digegel anjing edan tea, lamun teu katulungan ku Si Kadut, tangtu cilaka. Tah kitu sababna nu matak nyaah teh, rasa kuring ngan si eta nu baris nguyup getih teh ka urang.”’

Salakina seuri pokna, ”Heueuh.”


62. NUJU HURUP, NINGGANG WIRAHMA

Hartina: surup = alus laguna, hade senggolna beres pokna.

Nyimas Arum Sari putra Ajengan. Dina hiji peuting malem Juma‘ah ngaos kur‘an; kawantu putra Ajengan, naringgang pisan, laguna alus, keuna nyebutkeunana aksara, panjang pondokna sarta pasehat jeung ngeunah sorana.

Santri-santrina Ajengan pada resep ngadengekeun sarta pada kabita hayang bisa kitu. Ceuk Dulfatah ka adina nu ngaran Fatmah, ”Tah Fatmah, deuleu ari ngaji kudu kitu, nya eta nu disebut nuju hurup, ninggang wirahma teh.”


63. NUTURKEUN INDUNG SUKU

Hartina: leumpang henteu puguh nu dijugjug atawa nu diseja, ka mana losna bae.

Aki Guru ngawuruk ka anak incuna, pokna, “Barudak, sing nyaah ka kolot, nya eta itung-itung mayar hutang, urut urang di pulasara ti leuleutik nepi ka gede, matak hese cape kolot bae,

41