Lompat ke isi

Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan V.pdf/51

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

ka Tambi.

Barang ngadu geus bubaran sarta Tambi geus balik, Darmu ngomong ka Irkat jeung ka Sura, pokna, “Eh, batur-batur, urang rea tangtu handeueul sabab modal urang puluh-puluh, ari Tambi ngan satengah rupia, kajadianana urang nu eleh. Eta lain hanjakal?”

Ceuk Sura, ”Ti ayeuna dewek jadi inget, moal deui-deui ngadu jeung nu saeutik modalna, teu ngeunah ari palid ku cileungcang teh.”

Pepeling ulah ngaradu
Sinom

Sarupaning pangaduan, gaksak tapi mikat ati, teu nyahoeun yen baruang, warejit nyatuan peujit, najan licik jeung pelit, bobotoh tungtungna butuh, poma ulah kagiwang, ku pilong pekok jeung wajit, kalong ceneng bagong anu matak begang.


66. PADA RUBAK SISI SAMPING

Hartina: pada ma‘lum.

Ki Tunjung jelema jahat, sok daek maling, dedegler, katambah omonganana harung gampung; ana aya nu ngaharu-haru, sok tuluy ngambek jeung sok ngakalakeun. Jadi jelema-jelema geus pada nganyahokeun kana lampah kitu.

Manehna boga hiji anak lalaki kira umur 10 taun, ngaranna Si Murka. Ieu oge budak teh geus telenges deui bae, jaba tina daek cakat-cokot, sok culika.

Hiji poe manehna neunggeulan anak tua kampung datang ka barohak; tapi ku tua kampung Si Murka teu dikua-kieu.

Isukna Si Murka maledog deui hayam Lebe datang ka paeh, tapi ku Lebe henteu diuruskeun.

Ujang Said, nu henteu nyahoeun kana adat Ki Tunjung,

43