nanyakeun ka bapana, pokna, ”Bapa, kuring mah teu kaharti ku tua kampung jeung ku Lebe, eta Si Murka sakitu jahatna jeung gakangna, bet henteu diperkarakeun?”
Bapa, Hih ujang, montong kaget. Nu matak teu diuruskeun, sabab nyahoeun yen bapana Si Murka teh jelema jahat; lamun Si Murka diperkarakeun, mangke Ki Tunjung ngakalakeun, Eta mah geus padarubak sisi samping.”
67. PEUPEUREUM ASU
Hartina: keur leleyepan, lamun aya nu ngomong atawa nu ngaliwat, kadenge keneh.
Ceuk Turbi, “Sarji silaing nyaho, sabaraha imah nu kaduruk peuting teh?”
Sarji, “Lima belas suhunan.”
Turbi, “Hadena bae imah silaing teu kaduruk nya?”
Sarji, “Heueuh, tapi reuwasna mah geus euweuh papadana; eta bae dewek keur peupeureum asu, kadenge tingbareletok sora seuneu, atuh dewek korejat deui bae hudang, tuluy akut-akut barang, da sieun kaduruk.”
68. REJEKI MAUNGEUN
| Hartina: | rejeki anu datangna langka, ari meunang bleg-blegan jeung sok dibeakkeun harita. |
Ki Arwisan sangsara, tina teu boga gawe nu tangtu, demi pangabisana teu wudu. Ari karesepna sok daek ngaborong nyieun imah atawa ngaborong sasak-sasak. Hiji waktu aya nu ngaborongkeun nyieun sasak; tuluy ku manehna dijalankeun. Saenggeusna Ki Arwisan boga untung Rp 100.
Harita keneh tuluy dipake meuli papakean, mere ka sobat-sobatna, nepi ka beak.