Lompat ke isi

Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan V.pdf/53

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Ti entas ngaborong sasak, langka pisan rek boga pagawean da euweuh nu ngaborong, ari baranghakanna ngajualan barang-barang.

Lila-lila uana maot, teu aya ahli warisna ngan manehna sorangan, meunang warisan rupa duit Rp 300 jaba sawah jeung pakarangan.

Harita keneh ngacak-ngebur, meulian deui barang-barang jeung hajat, malah nayub sukan-sukan jeung sobat-sobatna tea.

Barang duitna geus beak, imah jeung sawah dijual, duitna terus dihakan, dipake curak-curak; ari geus beak, Ki Arwisan susah deui.

Hiji poe mitohana ditanya ku Ki Wisad, pokna, “Bapa ari Ki Arwisan katenjona ku kuring, kawas nu ripuh pisan?”

Bapa, “Enya ujang, dina mangsa ieu teh keur butuh ku duit sapicis, tapi lamun datang rejekina bleg-blegan ratus-ratus, tina naon bae eta teh; tapi lamun geus datang eta rejeki, tuluy dimonyah-monyah, ongkoh jelema teu pidunya.”

Wisad, “Oh, ari kitu mah eta jelema rejeki maungeun.


69. RUMBAK KUNTIEUN

Hartina: put-pot.

Nyi Simar nganjang ka bibi Odah, Barang datang tuluy ngaromong di tepasna. Geus kitu Nyi Simar menta nyeupah, omongna, “Bibi, cing sugan aya seupaheun, kuring hayang nyeupah.”

Jawabna, ”Euleuh-euleuh, karunya teuing! Kumaha nyai teu aya seureuh,”

Simar, “Hayoh bibi mah, kamari euweuh gambir jeung bako, ayeuna euweuh seureuh.”

Bibi, “Enya, puguh ge bibi mah meh salawasna rumbak kuntieun, aya seureuh, euweuh bako, aya bako, euweuh gambir, aya gambir, sok euweuh apu.”

45