Atawa.
Ambu Irun anakna ngan kari hiji geus umur tilu taun; ari ayeuna keur reuneuh deui geus dalapan bulan. Gawena ngan humandeuar bae, sabab inget, sasarina satiap manehna geus boga anak deui, anakna nu geus gede sok hilang.
Hiji poe manehna ngomong ka uana, pokna, ”Ua, kumaha kuring, satiap-tiap boga anak deui, eta nu geus gede sok hilang.”
Ua, “Heueuh, ari maneh sok rumbak kuntieun; atuh cing nyiar palakiah.”
70. SAMAGAHA PIKIR
Hartina: bingung.
Hiji waktu Ki Reksa diajak ku Otong nyiar pakulian buburuh nyieun imah ka jauhna. Omong Otong, ”Reksa, cing urang nyaba ka lembur-lembur, sugan bae aya nu rek muruhkeun nyieun imah, ti nimbang unggal-unggal poe silaing ngan nangkeup tuur bae mah.”
Wangsulna, ”Bo, perkara pangajak anjeun, ku kaula katarima pisan, ngan dina mangsa ayeuna kaula teu bisa, sabab keur bingung pisan pipikiran, nya eta nenjo anak nu gede gering, nu leutik nya kitu, katurug-turug anak nu panengah, enya ge bisa ngasuh tapi manehna oge teu cageur, tungtungna kaula teu puguh nya cabak. Ari ayeuna geura ngajak nu sejen bae, da puguh kaula mah keur samagaha pikir.”
71. SATENGAH BUAH LEUNCA
Hartina: rada gelo.
Nyi Ampit datang ka Nyi Sanip, pokna, ”Sanip, tulus ilaing ka pasar teh? Lamun tulus, urang ajak Si Narsi jeung Si Beurit.”
Sanip, “Naha make ngajak Si Narsi jeung Si Beurit?”