Lompat ke isi

Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan V.pdf/58

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
  1. Pokna Saud cumah maneh sok ngajeblug, sabot ngomong Ki Patinggi, burudul tilu tatamu, menak-menak tas pelesir, Ipi balik purat-perot.
  2. Ceuk Si Iren ka alona ujang Saud, matak karunya ku Ipi, kabirina dua lapur, dibaktikeun ka Patinggi, Sosorohna ngadon kojor.


75. SATALI TIGA UANG

Hartina:sarua bae, boh pada salah, boh pada bener.
Satali = Rp 0,25 = 75 pitis.
Anu matak sok disebut satali, sabab duit 75 pitis, sok dikantet jadi sakantet.
Uang (Malayu) = baru (Sunda). Tiga uang = tilu baru = Rp 0,25

Idin nanya ka Arso, pokna, “So, ari gunung nu panggedena jeung nu pangluhurna di dieu di pulo Jawa gunung naon?”

Arso, “Rarasaan dewek mah G. Gede.”

Idin, “Wah, lain, puguh G. Ciremay.”

Waktu Idin jeung Arso ngaromong kitu, kadenge ku ujang Darjah. Ujang geuwat balik ka imahna. Barang datang, pok nanya ka bapana, “Pa, mana nu bener, ceuk Idin G. Ciremay nu pangluhurna di pula Jawa, ari ceuk Arso G. Gede?”

Bapa, “Kabeh oge salah; mun maneh teu nyaho, nu pangluhurna di pulo Jawa G. Sumeru, meh 12 rewu kaki luhurna ti laut. Atuh Idin jeung Arso mah satali tiga uang, pada saralah teu nyahoeun.”

Atawa.

Neng Ipin nanya ka ujang Sain, pokna, “Sain, gede mana bentang timur jeung bentang barat?”

Sain, “Gede bentang timur.”

Ipin, “Ah, henteu, rarasaan dewek mah gede bentang barat.”

50