Sain, “Henteu, gede bentang timur; geura moncorongna terang pisan.”
Ipin, “Cing hayu urang tanyakeun ka guru.” Tuluy eta dua arindit ka guruna.
Saur guruna, “Aya naon maneh barudak?”
Ipin, “Eta bade tumaros, gede mana ari bentang timur sareng bentang barat? Dupi sanggem abdi gede bentang barat, nanging sanggem pun Sain gede bentang timur.”
Guru, “Lamun maneh teu nyaraho, bener kabeh, eta duavngaran bentang buktina mah hiji keneh; lamun katembong sore-sore, eta disebutna bentang barat, sabab katembongna di kulon; lamun tembong subuh-subuh, eta ngaranna bentang timur; eta mah satali tiga uang bae.”
76. SENTAK BADAKEUN
| Hartina: | pagawean anu tara ceeh, mimitina haget, garadag-gurudug, lilatila kulahek lantaran ripuh, tungtungna jadi teu laju. |
Enjam imahna ngan dua rohang. Dina hiji poe badami jeung Idris, pokna, “Dris, imah dewek nyanghareup ngaler, tapi ayeuna hayang nyanghareup ngidul, jeung hayang rada mundur. Cing dewek bantuan.”
Idris, “Hayu; iraha niat silaing?”
Enjam, “Ari kahayang dewek mah ayeuna bae, ku duaan ge imah sagede kieu mah anggeus, urang gotong bae tuluy pundurkeun.
Idris, “Aeh-aeh, ari silaing ngababarikeun, ditaksir ku dewek kudu ku dalapan jelema mah dipundurkeunana, saperkara ambeh enteng, kadua supaya dangdanana ulah aya nu ruksak. Ari ayeuna n heula batur, da moal burungdaraekeun.”
Enjam, “Ah, lila ngadago batur mah, ku urang bae, da moal