Ti dinya bral arindit. Barang kira geus meunang satengah pal, Wargu ngarandeg sarta ngahuleng, sabab inget manehna hayang milu marak ka Cibeunying jeung uana.
Ti dinya tuluy deui indit. Barang geus meunang sapal, ngarandeg deui, sabab inget dina poe eta rek meuli kenteng; lamun diisukkeun, tangtu beakeun.
Carek Sura, “Wargu, naha hulang-huleng bae?”
Wangsulna, “Puguh eta dewek inget hayang meuli kenteng jeung hayang marak ka Cibeunying.”
Sura, “Kapan rek nagih ka Ki Saptu, geus diniatan bari cumah, lamun urang geus niat indit ti imah rek ngajalankeun hiji niat, ulah sok cagak pikir, sok tara beubeunangan.”
80. CARA EMBE
| Hartina: | nuduhkeun ka jelema nu ngedul mandi, adatna embe sok sieun ku cai. |
Nyi Aswi beuheungna geus kandel ku daki paeh, papakeanana belewuk; jadi sakabeh jelema nu neuleu pada arijideun.
Dina hiji poe pasosore digeunggeureuhkeun ku indungna, pokna, “Aswi, eta dina beuheung sia wani namblog daki paeh; cing atuh sing getol mandi, bari sing daek kokosok.”
Wangsulna, “Ah, embung ema tiris, isuk bae tengah poe.”
Indungna nyentak pokna, “Ayeuna bae; lamun sia teu ngagugu, mangke dirangket. Hayoh ka ditu, bet kawas embe bae.”
81. CARA CINA DIPANGWAYANGKEUN
Hartina: nu diajak carita teu ngartieun.
Inda, Jaja, Irhani jeung Hamid ngariung pada ngaropi. Inda teu wudu rada bangor, ana carita matak pikaseurieun.
Harita nyaritakeun tukang wadul dibales wadul, bisa kacida