nyaritana, nepi ka Jaja, Irhani jeung Hamid pada gogoelan seuri. Ngan Hamid seurina henteu pati ngeunah jeung salawasna ngan nurutkeun batur bae; batur unggeuk manehna molotot, bari unggeuk saeutik. Tidinya baralik Inda jeung Irhani; tinggal Jaja jeung Hamid. Barang geus jarauh, ceuk Hamid, “Jaja, tadi teh nyaritakeun naon?”
Jaja, “Aeh-aeh, naha anjeun seuseurian teh kutan teu ngarti? Atuh ieu mah cara Cina dipangwayangkeun. ”
82. CARA MERAK
| Hartina: | jelema nu beuki pisan kana lada. Demi merak bejana karesepna kana cabe. |
Raden Antara, unggal-unggal rek dahar kudu bae disadiaan cabe gede jeung cabe cengek, sabab kasedepna ti bubujang; lamun teu kitu, lebur bujangna diseuseul.
Si Jamsi, bujangna, ngomong ka Si Umsi, pokna, “Umsi, kami mah sakieu nya kagedean, kakara manggih dunungan sedep-sedep teuing kana lada. Geura ku ilaing intip. Ana tuang cabe teh saleunjeur-saleunjeur dihuapkeun. Naha cara urang suhah-seuhah? Ieu mah cara merak bae.”
83. TEU JAUH TI TIHANG JURU,
TEU ANGGANG TI TIHANG TENGAH
| Hartina: | jijieunanana goreng, ngala ka dedegan nu migawe; jadi sasat moyok goreng patut ka nu migawe. Ari tihang juru jeung tihang tengah teh maksudna di dieu adegan. |
Si Darki dititah ngomean panto pawon ku Juragan Kalipah. Tuluy Si Darki migawe eta panto. Ari enggeus, teu kamanah ku Juraganana, sabab goreng orowodol pisan, panto teh sok mun bae napel.