Ceuk dununganana, “Hih sia mah digawe teh teu jauh ti tihang juru, teu anggang ti tihang tengah, teu jauh jeung dedegan sia, orowodol.”
84. TEU KA GEDONG KA CIREBON, HENTEU CARI KA
BATAWI, CARINA NGAN KA LALAKI
Hartina: awewe nu ngoretkeun pamere lalaki, ngomongna sok kitu.
Nyi Malati papacangan ka Ki Amsari lilana geus tilu bulan; teu wudu geus rea bebereanana, saperti: mangmeulikeun payung sutra dalapan perak, meuli panitih Rp 20, sueng Rp 40 jeung rea-rea deui jaba ti eta.
Lila-lila Nyi Malati boga deui papacangan ka nu sejen. Barang Ki Amsari nyahoeun, kacida ngambekna. Ti harita terus pundung.
Pasosore Ki Amsari nitahan tua kampung mentaan deui barang-barang sakur nu geus dibikeun tea. Carek tua kampung, “Nyai, pang emang datang ka dieu, dijurungkeun ku Ki Amsari, nyokotan barang nu aya di dieu; kajeun teuing henteu kabeh oge, supaya eta bae sueng jeung panitih.”
Walon Nyi Malati, “Moal! Naha kunaon dosa kula? Hanas eta manehna nyangka kaula boga deui kabogoh, kaula mah teu tarima. Saha jelemana? Coba buktikeun. Dasar ongkoh Ki Amsari mah jelema pelit, da geus bosen ka dieu, hayoh nuding. Ayeuna mah bejakeun ka Ki Amsari, barang moal dibikeun, da awewe mah teu ka Gedong ka Cirebon, teu cari ka Batawi, carina ngan ka lalaki.”
85. TEU DITARIK, TEU DITAKON
Hartina: teu dipirosea (teu diaku) teu ditanya-tanya acan.
Ceuk Wira, “Jayim, Jayim! hayu urang ka ua Lurah, mantuan ngakut; moal hade, da baraya.”
Jayim, “Hayu.”