Lompat ke isi

Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan V.pdf/67

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

diurus dahar pakena bae.”

Nyi Haji geuwat bebeja ka salakina, pokna, “Akang, itu Ambu Samian nawaran pibujangeun, anakna; kumaha tampa?”

Ki Haji, “Ari sakira bageur mah, tampa bae, karunya, keun da jelema mah teu jauh laukna.”

90. CEULI LENTAHEUN

Hartina: sagala didenge, tacan puguh, geus gugup dicaritakeun.

Nyi Iti unggal-unggal peuting keuheuleun pisan, ka anakna awewe, Nyi Eme, sabab meh tara bisa sare, da meueus-meueus digeuingkeun-meus-meus digeuingkeun.

Dina hiji peuting, waktu Nyi Iti rek hees jeung anak-anakna, Nyi Eme ngadenge anu ngagurudug di para. Ceuk Eme, “Ema, Ema! naon eta ngagurudug?”

    Nyi Iti nembalan bari leleyepan, “Beurit.”
    Teu lila aya jeruk buruk murag di pipireun imahna ngagepluk.
    Ceuk Eme, “Ema, Ema! naon eta di pipir?”
    Nyi Iti, “Jeruk murag.”
    Teu lila gebrug ucing ngarontok beurit.
    Eme, “Ema, Ema! naon ngagebrug?”’

    Nyi Iti, “Ucing ngarontok beurit.”

    Nyi Iti ambekeun, sabab teu kaur reup hees. Tuluy nyentak, pokna, “Naha aya budak ceuli lentaheun teuing, sagala didenge. Geura molor ka dinya!”


    91. TI NGONGKOAK DATANG KA NGUNGKUEUK,
    (BUUK HIDEUNG JADI BODAS)

    Hartina: sarua bae jeung ti kikirik nepi ka jadi anjing, dina
    59