Lompat ke isi

Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan V.pdf/68

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
    buku jilid ka III, ngan bedana ari ti kikirik nepi ka jadi anjing mah ti bubudak nepi ka kolot, (tengah tuwuh), ari ieu mah ti bubudak nepi ka aki-aki.

92. TI LUHUR SAUSAP RAMBUT,
TI HANDAP SAUSAP DAMPAL

Hartina: Ieu paribasa sok dipake tobat, bebeakan menta dihampura.

Ki Sangli leungiteun kecrik weuteuh keneh. Tuluy ditatanyakeun, saha nu ulin ka dieu jeung saha nu resep ngecrik.

Ti dinya aya nu ngabejakeun, “Ari nu resep ngecrik mah Ki Tajin, anak Lurah pareman.”

Ki Sangli tuluy boga tereka bae ka Ki Tajin sarta tuluy disampeurkeun bari ngambek, pokna, “Tajin, kadieukeun kecrik aing, rek dipake, da moal saha nu maling lian ti sia.”

Omong Ki Tajin, “Duka, da kuring mah henteu nyokot.”

Tapi Ki Sangli keukeuh bae nuding. Terus Ki Tajin dicarekan, mamawa ka kolotna, sabab teu ngaku.

Lurah pareman nyahoeun, yen anakna dituding maling sarta dicarekan, tapi Lurah pareman henteu nguruskeun kana eta panyerewedan.

Isukna aya bewara, saha nu kaleungitan kecrik weuteuh, sabab nu malingna ayeuna geus ditangkep.

Ki Sangli ngarenjag sarta rumasa, tadi nuding ka Ki Tajin jeung ka kolotna teh salah. Geuwat Ki Tajin disampeurkeun bari sasadu, pokna, “Bo, ujang, kuring nyuhunkeun dihampura ti luhur sausap rambut, ti handap sausap dampal, tina rumasa kasalahan kuring, kamari nuding; eta mugi disuhunkeun ulah jadi manah.”

93. TIBATAN MEUNANG PALA, ANGGUR
MEUNANG PALU

Hartina: tinimbang meunang kangeunahan, anggur

60