- meunang kateungeunahan.
Ceuk si Konta ka si Maji, “Ku naon Maji, leungeun silaing diais?”
Maji, Potong euy, ayeuna keur dilempah.”
Konta, “Naha ku naon?”’
Maji, “Ragrag tina kuda si Berod.”
Konta, “Naha silaing teu bisa tumpak kuda?”
Maji, “Nya eta, puguh rek diajar, tapi barang keclak, ku batur-batur pada ngahoyah-hoyah; atuh kuda teh lumpat, dewek ragrag, nepi ka leungeun potong.”
Konta, “Euleuh-euleuh, tada teuing indung silaing reuwasna, meureun silaing diceungceurikan jeung diubaran, tuluy meureun diupahan dibere duit?”
Maji, “Hih boloampar, barang jol oge, gorowok bae ema nyarekan, pokna, “Puas sia, hayuwa teu kojor bae ka dinya. Malah lamun teu dihalangan ku bibi mah, dewek rek dituyun ku pangrangket.”
Si Konta ngagakgak seuri, pokna, “Ha, ha, ha! ti batan meunang pala mah, anggur meunang palu, nya.”
94. CARA CUCURUT KAIBUN
Hartina: mucicid, goreng pake.
Ceuk Pura, “Warsa, maneh rek indit kana ondangan. Cing make papakean teh anu hade, ulah cara cucurut kaibun teuing.”
95. TUNGGUL SIRUNGAN, CATANG SUPAAN
Hartina: kajadian goreng di ahirna.
Ceuk Isan, “Japan, cing beuli lembur dewek.”
Japan, “Naha lain lembur wariskeuneun?”