Lompat ke isi

Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan V.pdf/71

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Asmad jadi guru partikulir di Desa Cipeuteuy. Ku sabab manehna tacan paham kana elmu guru, ngajarna teu puguh, henteu bisa milih budak nu sarua pangartina, nu bodo nu pinter disaruakeun bae; kitu deui ngajarkeun pangajaran nurutkeun kabisana, henteu nyahoeun undak usukna; jadi pangajaranana oge, sok juhur handapan. Ana kajadian di muridna pangabisana sok tutung atahan: nu hese bisa, ari nu babari teu bisaeun.

98. TUTUP LOBANG, KARI LOBANG

Hartina:nu mayar hutang ku beunang nganjuk deui, jadi teu kaur punah.

Dorareja jadi mandor gudang, bayaranana Rp 20. Ku sabab manehna henteu bisaeun metakeun rejekina nu geus tangtu, tina royal teuing, ayeuna raweuy hutangna.

Di mana usum bayaran wani ngagimbung nu nagih, awewe lalaki.

Demi kalakuanana Dorareja satiap-tiap keur pere tina gawe, geuwat nginjeuman duit rente, atawa ngagadekeun barang. Bener bisa kabayar hutang hiji dua, tapi hutangna anggur tambah gede.

Carek bojona, “Kang, kuring heran ku akang, ari bayaran ngan Rp 20, tapi mayaran hutang leuwih ti Rp 40; jeung eta akang ari datang ti pagawean teh bet ngan ngider bae. Kamana?”

Wangsulna, “Kapan nginjeuman duit keur mayar hutang.”

Pamajikan, “Atuh ari kitu mah tutup lobang, kari lobang, moal kaur punah hutang teh.”


99. CUEUT KAHAREUP

Hartina: geus tereh paeh, umur anu geus jauh ti tengah tuwuh.

Dina hiji poe Injani datang ka Aspan, pokna, ”Mang, ayeuna aya wawar: saha-saha nu daek ka Deli sarta suka sorangan, gede

63