Lompat ke isi

Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan V.pdf/72

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

persenna, sumawonna lamun jeung pamajikan mah, di dituna dibere imah jeung pakarangan nu alus. Cing, mang, hayu urang ka ditu.”

Aspan, “Ari silaing sok kurang taksiran, atuh ngajak mah ulah ka palebah dewek, kudu ka nu ngora keneh; dewek mah umur oge geus meh 60 taun, huntu geus beak, buuk geus bodas; embung dewek mah, geus cueut kahareup.


100. CUL DOGDOG, TINGGAL IGEL

Hartina: cul pagawean baku, ngalampahkeun anu henteu hasil.

Ki Karbi dimodalan ku bapana Rp 50 babakuna dagang gentong, ngider unggal-ungal poe ka kampung-kampung.

Hiji mangsa manehna lalajo maen bal, resepeun pisan. Unggal-unggal mentas dagang, sok geuwat neangan, sugan aya anu maen bal. Beuki mindeng lalajona, beuki tambah resepna, nepi ka culculan kana dagangna. Lila-lila pot pisan daganganana diingkeun di imahna, henteu diiderkeun, malah upama manehna rek indit lalajo teu boga bekel, nyokot sarupa barangna nu sakira payu, dibawa kana panglalajoan, digarewolkeun, dimumurah.

Carek adina Karbi ka bapana, “Bapa, kumaha ari kang Karbi ngan resep lalajo maen bal bae; demi daganganana cul henteu dijalankeun; geura wani geus kokorompong, teu aya anu hade. Aya oge omongna ka kuring, pokna, “Moal dagang deui, da resep lalajo.” Lamun sarupa kitu mah kalakuan akang, cul dogdog tinggal igel.



64