Lompat ke isi

Kaca:Si Kabayan Jadi Dukun.pdf/21

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

I. CEKCOK

 Ripuh, da puguh jelema kedul. Lain ripuh ku gawe, ripuh kurang sandang-pangan. Sumawonna keur anak-rabi, keur manehna pribadi ngandelkeun ladang kesang pamajikan. Nya rajeun daek sakali-kalieun balangsiar, awahing ku digonggorokan jeung dicarekan laklakdasar. Los ka leuweung ngala suluh, suluhna dijual ka dayeuh, ladangna beak ku sorangan. Ngirim ka nu di imah ngan bejana. Meunang saanu, beak kana anu sakitu, kana anu sakitu sesana sakieu deui keur aing. Majar maneh makayakeun eta teh, cenah.

 Sakali mangsa datang tas udar-ador. Kakara cek pisan ka golodog geus gawawak pamajikanana, timah bijil bari nyenyekel tulak, omongna "Rek naon mantog ka dieu? Lalaki teu gableg pucus, nurus tunjung, tayoh teuing ka patutna. Mantog deui ka ituh! Hayang dipepeg ku tulak?"

 "Aeh-aeh, cape deuleu ieu aing teh", tembal si Kabayan. Cat unggah, rek asup ka imah dipegatan ku pamajikanana.

 "Montong! montong ka dieu!" cek pamajikanana., "Leuh euleuh sia." Tulak geus ulang-ulangan, kari bek kari bek. Anu keur ngambek beungeutna beureum, panon buncelik, huntu kekerot, biwirna geus menyeng-menyeng bae.

 "Halik, bisi didupak, aing tunduh "ček si Kabayan."Pek...........pek.........digebug sia ku tulak," cek pamajikanana.

 "Na hulu aing teh pancir kitu?" tembal si Kabayan.

 "Naha atuh, kena-kena ka awewe ka aing teh."

 "Ah, pedah hengker wae awewe oge sia mah."

 "Notorogan! wani teh ka nu hengker, ndeh."

 "Salah wani ka nu bedas mah, bisi eleh."

 "Njucud si burung, siah!"

21