"Puguh di dinya nu burung tea mah."
"Naon? Kabelejog aing mah meunangkeun sia teh. Mun nyana pikieueun mah, cadu teuing daek bareto teh, dipihukum ku nu kitu patut."
"Kumaha ari ayeuna?"
"Leuh, euleuh sia!" Hiuk tulak, geprak tungtungna kana palupuh.
"Bis wae, mun nyingkah kituh, rek ngagebrag tumbila mah."
"Na Kabayan! kabina-bina teuing ka pamajikan teh. Teu sudi aing mah disangsara anak deungeun. Teu boga salaki ka sia oge moal burung nyatu, deuleu! Teu sudi aing mah. Si Kabayan nempas: "Lumbrah bae nyatu ku sorangan mah.
Lamun gering sia dihuapan ku aing" Pamajikanana: "Dikungkung teu diawur, dicangcang teu diparaban. Deungeun-deungeun mah...................."
Si Kabayan "Na manehna teh hayam atawa embe?"
Pamajikanana "Heueuh deuleu ! deungeun-deungeun mah ka pamajikan teh ngabalanjaan, ngimahan. ari nu kitu patut mana, deuleu!"
"Ieu. Na teu kadeuleu?" cek si Kabayan.
"Nembal-nembal bae! batur ngomong teh!"
"Atuh da sungutan," tembal si Kabayan.
"Lalaki lebokeun tetelo, matak olok wae kejo, heh, teu boga kaera, hirup ngamangandeuh, nyoro rejeki awewe, ari aya di gogobrog ngadon molor, entas ngador. Pangalana euweuh ajen sagoweng. Anak ranghap parabaneun, ngandelkeun awewe. Jelema cekekeun kolera, teu disamber gelap-gelap acan. Humayua make hayang boga pamajikan. Keur naon rek dikere mah. Ari euweuh kagadur, euweuh gadag mah, keur pibeduleun lalaki kitu ules!
"Meugeus Saikem, gandeng!" Gek si Kabayan diuk nyarande kana bilik ngalelehek nangkeup tuur, camberut baeud. Totopong orowodol, buuk nyararembih bijil ti handapeun totopong. Gutrut-gutrut ngagaro sirah, pek deui nangkeup tuur. Kumis carang, cokrom, ngaroyom nuruban biwir.
"Paduli gandeng oge! Mantog deui ka ituh, ari gandeng mah."
"Cing Saikem, atuh era ku tatangga.
"Teu kami mah, teu era teu sing. Mun rek era oge anu kitu. Papakean beak, dijual dijaar, da euweuh nu makayakeun. Aya oge bedul kedul ngan purah ngajentul!"