"Kapan eta dibaju keneh, disamping keneh."
"Bisa wae nembalan nambalang. Papakean ngan kari saraket diri."
"Hade ge kitu deuleu, teu hese milih."
"Enya nyah, suka neuleu anak-pamajikan butin rudin teh, pangaruh nu ngedul. Mun sorangan teu ngakal mah ngalaleur anak teh!" Saikem ngomongna bari diuk dina bangbarung.
"Na rek sina bubuhayaan barudak teh?" "Ieuh, naha aya mangkeluk kabina-bina teuing!" cek Saikem bari notog ku tulak.
"Et!" cek si Kabayan," lalawora si! Bis wae. Kumaha mun aing gering."
"Alah! Kojor ge hos teuing. Lalaki teu matak mahi. Paparabotan nepi ka beak dijual digade."
"Mending kitu teu loba uruseun, enteng ari pindah," cek si Kabayan bari rarat-reret kana bilik, neangan kuntung nyelap.
Saikem: "Coba kasur deuleu, pamahanan bapa aing, ku sia dijual, dipake pasang sintir. Teu era, kitu pepetaan?"
Si Kabayan: "Ambeh ulah pidel teuing, deuleu."
Saikem "Imahna deuih sakalian dijual, keur pasang sintir, ku sia!" Jung nangtung, kop tulak; kulawing, guprak, tulak ragrag ninggang gologog, dipangpengkeun ku si Kabayan. Saikem labuh, kageubigkeun. Gero ceurik bawaning ambek, geus poho meureun, gabrug ngarangsang, gep ngegel kana leungeun si Kabayan. Hek, si Saikem dipengek. Gurinjal ngejat.
"Setan! naha sia mana ngegel!" cek si Kabayan.
"Can puas deuleu!" cek Saikem bari ngahegak bawaning amarah, mata molotot beureum, Cimata rambay, huntuna kekerot.
Si Kabayan turun ka buruan. Pamajikanana ti tepas ngudag, ngaronjang kana sirah si Kabayan, ngagugunyeng buuk.
Si Kabayan "Saikem! Saikem! sia teh edan? Sot ieu peureus. Pek sia! Moal dilesotkeun?"
Totopong si Kabayan murag, atuh ngarerewig. Buukna digugunyeng ku pamajikan, bleg bae bebegig, diunggut-unggut. Menta dilesotkeun, ku Saikem teu digugu, da puguh ambek. Kerewek pamajikanana lebah kelekna, ginjel-ginjel dieleketek. Jerewet Saikem ngejat bari nyarekan, morobot alah batan kacang ninggang kajang.