Nyingsat bari nulak cangkeng dina birit, poporongosna teu eureun.
"Meugeus! montong ngacambleng bae, bisi ditanggelong, ieu napsu aing geus modonghol," omong si Kabayan. Kop ngarongkong totopong, kurawed red dicangreud.
"Teu! teu rek ngagugu nu kitu patut. Najis aing mah kadatangan." Kop kana batu, belewer gepuk, keuna kana bincurang si Kabayan.
"Aduh! na sia meakkeun kasabaran aing? Ieu dampal leungeun mimiti ateul, deuleu!"
"Pek, pek, da teu sieun."
"Alah, bisi kaduhung Ikem. Nyieun cilebu anggur, ieu bincurang aing nyeri."
"Teu sudi nyigcrig."
"Entong nyigcrig, leumpang bae."
"Najis-najis, setan sia, aing teh cocoan sia?"
"Na aya mangkeluk, teu beunang disabaran, ieu teh!"
Gaplok-gaplok Saikem dicabok dua kali. Dengek jejeritan jeung teu repeh nyarekan, andiprek dina taneuh. Nyebut teu sudi najis mani onggeng-onggengan, teu puguh bilanganana, da pok ceui-pok deui teu suka dirogahala. Menta dipaehan, dijawab ku si Kabayan "Sangeuk ngagotongna ka astana." Anakna ear careurik. Ari si Kabayan ngagoler di tepas, ker kerek.
Tatanggana nu deukeut pisan nyampeurkeun, bisi aya kuma onam, lantaran barudak kadenge careurik, ari Saikem gorgar jeung salakina mah tara aya nu maduli, geus pada nyaraho.
"Ku naon Ikem?" cek lalaki tatanggana. Saikem eureun heula ceurikna, nyentak ka nu nanya: "Barang-tanya teuing!" Tuluy deui nginghak.
Tatanggana: "Nanya-nanya wae, na teu meunang?"
Saikem keur nginghak nyelang: "Lain teu meunang, teu perlu!"
"Sunat atuh," tembal tatanggana.
Saikem nambalang deui: "Barina ge na openan teuing? Pasea jeung salakina, ditampiling ku salakina. Rek naon?
Tatanggana: "Meujeuhna."
Saikem nangtung, tatanggana undur-unduran. Saikem diuk di gologog bari nyusutan cipanon ku tungtung baju. Salhiam nyampeurkeun deui dua-tilu lengkah.