Lompat ke isi

Kaca:Si Kabayan Jadi Dukun.pdf/25

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

 "Rek meujeuhna rek henteu, paduli teuing, da di dieu nu ngarasa," omong Saikem.

 "Puguh wae," tembal tatanggana.

 "Ieu teh perkara di dinya?"

 "Lain," cek tatanggana.

 "Na atuh make pipilueun?"

 "Tarima salah lebah dinyana mah."

 "Hilik atuh. Rek naon cicing wae?"

 Tatanggana nyereng: "Teu diparentah oge, moal burung nying kah!"

 Si Kabayan cengkat diuk, nangoh kana bilik cabol, omongna:

 "Naon deui eta teh?"

 "Maap wae Kabayan, bisi kudu dibantuan, dewek ge daek."

 "Teu rek nyiksa pamajikan."

 "Kajeun, da teu nitah." Tatanggana malik rek ngaleos.

 "Ke heula!"

 "Rek naon?"

 "Dengekeun, Eta teh pamajikan dewek, disiksa ku dewek, ceurikna ku dewek, upahaneun dewek, nya Ikem," cek si Kabayan.

 "Nyao!" cek pamajikanana.

 "Kumaha tah ari kitu?"

 Si Kabayan: "Dewek nyiksa pamajikan, moal ngenta dibantuan ka silaing. Dewek ngupahan pamajikan, moal ngengken ka silaing."

 "Sukur," jawab tatanggana.

 "Barina ge keur naon menta tulung ka batur," omong Saikem.

 Si Kabayan ngamonyongan jeung ngancunan ka tatanggana:

 "Kadenge tah, hoyah! ancun."

 "Karo-karo gelo, ngalayanan nu gebleg," omong tatanggana bari ngaleos.

 Si Kabayan nyengir, omongna: Ari eleh ngaleos bari gegelendeng, woyah!"

***

25