Lompat ke isi

Kaca:Si Kabayan Jadi Dukun.pdf/26

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

II. NGUNEK-NGUNEK

 Barudak geus arulin deui di pipir, tingcikikik suka, ngadu undur-undur. Pamajikanana indit ngelek boboko buntung, ngajingjing congkrang. Kadeuleueun ku si Kabayan geuwat digeroan: "Wah! eta nu ngelek boboko! Congkrang kami rek dibawa ka mana?"

 Pamajikanana malik morongos "Ieu!" Congkrangna rek dipalengpengkeun.

 Si Kabayan ngageuwat: "Kop-kop-kop bae. Ji bae bawa !". Tuluj ngomong sorangan: "Na aja awewe bangkawarah teuing, lalawora. Congkrang makeanan rek dipalengpengkeun. Kumaha mun keuna, idih."

 Ti tepas si Kabayan pindah ka imah, reket panto dipeundeutkeun. Di tengah imah goledag wae dianggel ku leungeun, guher hees. Tibra, da euweuh nu ngagimbreung-gimbreung. Lilir-lilir geus deukeut ka burit wanci tungganggunung, kageuingkeun ku anakna keur nyaratu hareupeun hawu, silihsegag parebut beuleum bogo.

 Cek indung barudak "Repeh, bapa sia bisi kagandengan."

 Si Kabayan jongjon kekerekan, dina hatena mah keuheul ka pamajikan, omongna: "Bangkawarah, ka salaki muatkeun teu mere kejo. Harayang seubeuh sorangan bae behna mah, padahal aing tunggu imah ti isuk. Sapoe jeput teu dibere cai-cai acan. Keun siah,"

 Korejat si Kabayan hudang, mata beureum kawantu hudang hees, bubuncelikan bari rarat-reret, buuk ngarewig jeung gugutrut gagaro, da loba kutu, cuplak-ce plak, ngomongna teu uni,

26