ngan "ngaem-ngaem" bari diukna indit-inditan.
Barudak tinggarero: "Ema sicun! ema sicun! Bapa ku naon?"
Indung barudak "Lailah! ieuh! Kabayan! Kabayan! eling!"
Si Kabayan nembalan sorana digerendungkeun rada ngirung:
"Nlain ci Nngkabayan, ieu ma' Ngaing ngkaruhun nnyia."
"Deuleu etah, bapa sia kasurupan. Cicing ulah gareuwah."
"Ntong nyieun-nyieun mbarudak ieu te' ngkaruhaun nyia."
Barudak ngadegdeg, narangtung deukeut parako. Pamajikan Si Kabayan, ngadeukeutan brek deku, minangka hormat, leungeun duanana dikahareupkeun, dipake nahan awak, heug celenggeu, naros ka embah "Embah teh nu ti mana tea?"
"Ngaing nynu ngageugeuh dnidnieu."
"Geura mulih atuh, barudak sieuneun."
"Hayang endnog heula." Pamajikan si Kabayan nitah anakna nu panggedena nyokot endog hiji tina sayang. yan.
"Hayang nilu," cek si Kabayan.
"Nyokot tilu, Itok! endog teh!" cek indung budak.
"Kabehna oge ngat tilu, ema!" cek budak ti pipir.
"Ndua oge mahi," cek si Kabayan.
"Cokot dua, geuwat bawa ka dieu," cek pamajikan si Kabayan.
Teu lila torojol budak, nyodorkeun endog dua ka indungna.
"Heh, ieu embah, endog teh," cek pamajikan si Kabayan.
"Hayang diacakan heula," cek nu nyurup.
"Dikulub wae, nya embah? Ambeh tereh."
"Dningkulub oge hade."
Endog geus asak diasongkeun, diwadahan dina pisin.
"Mana uyahna?"
"Har geuning make uyah sagala."
"Ngaing mah teu mbeuki endog tiis.'
Sor uyah dina kelenting (kendi uyah). Embah mesek endog, ditarenjokeun ku barudak jeung indungna. Geus dipesek duanana, embah mundut cai. Sor cai dina kele. Embah gugurah, heg ngabetekeun palupuh, cur cai ka kolong. Ditaksir arek am, embah tuang endog, waaah angob, ana pok teh : "Mana ngkejona nyeung nyambelnya?"
Sor sangu saboboko, sambelna ngan saeutik, da puguh sesa.
"Nyambelna nyaian caeutik," saur embah. Am tuang, ngali-