Lompat ke isi

Kaca:Si Kabayan Jadi Dukun.pdf/28

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

med, raoseun naker sigana, ngeupeulan sangu baruleud, sarekel. Col kana sambel, am dituang, dituturkeun ku kulub endog saciwit, uyah saeutik. Ari ngaleueutna tina kele ditotor, gelekgek-gelekgek.

 Barang endog kari sahuapeun deui, pamajikan si Kabayan nawaran pais kini-kini.

 "Mpais ngini-ngini ngaing mbeuki, " tembal nu keur tuang.

 Hengoy deui ngahanca pais kini-kini. Pais ledis, cowet lenang, boboko kosong. Embah ngised tina tobas bari miceunan remeh tina bitis, pok wuwuruk: "Ayeuna ngaing rek mbalik.

 Dnidoakeun cing nyaah ka calaki, ngudu dnihampura docana, hah."

 "Mangga embah," cek pamajikan si Kabayan.

 "Heeh, ulah cok ngoreng ka calaki." Goledag deui nu kasurupan teh ngedeng.

 "Geus seubeuh mah teu salempang," omong si Kabayan lalalaunan, bisi kadengeeun ku nu deukeut. Reup deui hees.

 "Ema! bapa teh henteu paeh?" cek anakna nu panengah.

 "Henteu, bieu mah kasurupan, deuleu," tembal indungna.

 Peutingna, barudak geus harees, si Kabayan tacan lilir deui, Saikem nyileuk wae sorangan, ngageremet ngunek-ngunek, hayang males nyeri ka salakina, ku kakara saumurna dipihukum ditampiling mani sadua-dua kali. Rek diajak pasea deui, rek dibaledog, sieun kasiku ku embah. Keur uleng mikir-mikir, neangan akal, teu kanyahoan kalindih ku tunduh, reup hees tibra.

 Kasubuhnakeun si Kabayan nyaring, tuluy hudang cindeluk sorangan, neuleu parabot imah euweuh naon-naon. Luhureun manehna aya gantar, digantung ku tali awi ka para, disampayan bubututan, geus tara aya nu dipake. Diantep raweuj soteh ku pamajikanana, paranti ngadangdanan bebegig. Di juru imah kele naranggeuh. Deukeut panto ka pipir, rada nyedek ka juru, hawu campego dina parako. Lempengan hareupeun hawu, gantungan awi, paranti neundeun boboko sangu. Luhureun hawu paraseuneu, camohok hideung. Kira-kira satengah deupa ti parako aya dongdang, wadah sagala rupa, di sisi bilik. Luhureun dongdang galar, tempat botol jeung kaleng urut-urut. Goah pahareup-hareup jeung hawu dieusi pare, beunang pamajikanana buburuh derep. Di enggon euweuh nanaon ngan kari samak jeung anggel. Cempor geus melempem, kiceup-kiceup, pes wae pareum, minyakna saat pisan. Si Kabayan camberut mopoek, nangkeup

28