tuur, gado nyangheuy kana lebah tuur, buuk ngarewig, atuh ditotopong jangji red, teu pati pageuh deuih, ma'lum totopong geus teu boga tungtung, tara pati ditarik-tarik, bisi merean.
"Sakieu disenangkeunana, pamajikan ambek-ambekan. Keun siah, rek sina ripuh, sina loba uruseun, aing rek cape," cek si Kabayan. Jut turun ka taneuh, poek keneh, ngan di wetan geus caang, geus balebat.
"Meujeuhna indit ka leuweung," cek si Kabayan. Cat deui ka imah, ngageuingkeun pamajikanana, nanyakeun congkrang. Tara-tara ti sasari indit make bebeja heula ka pamajikan, da rek makayakeun ayeuna mah. Turun ti imah ngajingjing congkrang, tempa-tempo ka tepas batur, rek nginjeum asahan, teu awas da poek keneh. Tuluyna unggal tepas diunggahan, aya nu dua tilu kali. Manggihna mah ti nu deukeut wae. Kop dicokot teu bebeja ka nu boga. Gusrek di cai ngasah. Barang bijil poyan, congkrang geus seukeut, jung indit rek ngala suluh. Asahan cul wae di dinya, teu dipulangkeun deui.
"Keur naon, kudu dipulangkeun, diteanganana oge tadi hese. Keun sina diteangan ku nu gablegna," omong si Kabayan bari baeud keuheul kana asahan jeung ka nu bogana.
Kacaritakeun geus rada beurang, pamajikan si Kabayan balik ti cai ngagandong kele, lebah buruan imahna papapag jeung lalaki duaan.
"Punten embok," cek lalaki nu saurang.
"Ih, ka dieu wae ka tepas, kuring rek neundeun kele heula," omong Saikem. Bus ka imahṇa, ari bijil deui pek ngamparkeum samak, samak buruk cadu mandi paragi sapopoe, da teu boga deui.
Semah arunggah ka tepas, ngawayahnakeun maneh dariuk dina samak, nu saurang sila, nu saurang deui sidengdang, nyarande kana tihang. "Ieu teh baraya ti mana, tara-tara ti sasari aya ka dieu." cek nu boga imah.
"Jauh, kuring teh ti dayeuh. Ari maksud aya pisan, pang ka dieu lain lantung tambuh laku, lain lentang tanpa beja. Kuring teh ieu duaan manggul piutus dunungan. Indit-inditan geus beng ka dieu beng ka ditu, aya nu disungsi."
"Lain kitu, na naon pikersaeun tuang dunungan teh?"
"Kieu, embok", cek semah nu sidengdang, "supaya babari