Lompat ke isi

Kaca:Si Kabayan Jadi Dukun.pdf/31

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

"Hah siah, rasakeun Kabayan, wawalesna nyiksa ka aing," ka semah meta rek nepak omongna: "Lailah ieuh, lain na mun ti tadi. Asa kabeneran teuing baraya, lunta ka dieu. Nya di dieu lemburna dukun sakti teh, dukun panglepus-lepusna, pangmatih-matihna, satangkarak lemah moal manggih dua."

 "Tah-tah-tah, kumaha embok kamatihanana?" omong semah duanana, "supaya terang, ulah ham-ham mawa."

 Pamajikan si Kabajan: "Alah, moal aya bangsana. Kapan geus aya meureun genep bulan katukang, aya awewe gering payah, ditambaan ku ieu-ieu kasakitna kalah beuki angot. Kaliasan nu gering nepi ka losna hilang. Waktu nu gering keur engkak-engkakan keneh, ahli-ahlina meunang beja, yen di dieu aya dukun aheng. Gancangna diala, tapi cek sarerea geus lain milikna, nu gering kasampak geus diulesan. rek disalatkeun. "Ke heula," cek dukun, "buka beungkeut-beungkeutna". Kapas tutup beungeutna dilaan. Pek mayit teh dipeureuhan, biwirna ditetesan cai ubar. Kunyam-kunyem dukun ngajampe, peuh-peuh mayit ditanapas beungeutna. Lain kaget sakur nu nyaksian? Bray mayit beunta, gular-giler panonna. Eeeh cenah, nguliat, nyah cengkat. Atuh raong nu careurik bawaning atoh. Harita keneh nu hudang gering menta dahar. Hih, teu sakara-kara nepi ka ayeuna jagjag waringkas."

 Semah duanana gogodeg: "Ambu-ambu, bener ieu mah, sakti, lain matih deui."

 Pamajikan si Kabayan "Aya deui nu aneh, tacan lila ieu mah, kakara heuleut tilu minggu kituh. Aya budak lalaki, kira-kira umur . . . . . . . . lah, tuh sarua jeung anak kuring,

 Semah: "Sarua jeung itu nu panggedena, embok?"

 Saikem "Enya, sarua jeung eta. Ragrag tina tangkal nangka, luhur, ninggang kana batu gede. Lah ieuh,.......... geprok cenah sirahna, polo jeung getih ulaweran. . . . . . . iij. . . . . . .remuk pisan atu da. Leungeun suku rikes, tulang tonggong pasehsoh, nyarengsol. Indungna budak kapiuhan.'

 Semah "Moal boa."

 Saikem "Bapana riwih-rawah samar polah.

 Kabeneran aya nu hideng, lumpat ngala dukun ka dieu. Etah ieuh, budak geus ayud kitu. ..........."

 Semah "Cara nangka asak murag meureun."

 Saikem "Enya, tah cara kitu. Dikedengkeun, leungeun suku dibeberes, rup dirurub ku kalakay jeung dangdaunan. Pek dijam-

31