Lompat ke isi

Kaca:Si Kabayan Jadi Dukun.pdf/32

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

pe bari dikepretan ku cai. "Careuh!" careuh!" cek dukun teh gegeroan, Na ieuh, ana korejat teh budak nu ragrag tea cungas-cingeus belenyeng lumpat, teu tolih ka nu ngarogrog di diya.'

 Semah "Lain eta mah budakna?"

 Saikem "Ih lain, budak kuring mah tara ulu-ala ka nu batur."

 Semah "Untung urang lumaku teh poe ieu. Kawasna moal salah eta dukun boga aji jalasabda.' Batuma "Tayohna."

 Semah "Tah, embok, lumayan, kuring meresen bawaning atoh. Alah, mana teuing dunungan pibungaheunana."

 Baturna "Tangtu, mun enja mah." Pamajikan si Kabayan: "Geura buktikeun wae engke.'

 Semah "Alah, nuhun pisan, embok, dibere bongbolongan, mani plong molongpong jalan ka gedong. Tadi mah isuk-isuk mani hoream balik, ari ayeuna mani hayang geura srog ngajogokeun dukun ka dunungan. Rawatan embok, eta lumayan."

 Saikem "Nanaonan make mere duit sagala?" Semah "Ih tawur bawaning atoh."

 Cek nu sidengdang.bari pepeta sila: "Di mana embok, imahna. dukun teh?"

 Saikem "Nu matak ayeuna teu cicing di imah. Cicingna di leuweung nyaung-nyaung kitu wae, di saung pangeureunan nu ngarala suluh, tara jauh ti dinya. Geura ayeuna tangtu aya, ngan ulah lalawora."

 Semah "Na kumaha karah?"

 Saikem "Jelemana mahiwal, adatna geus teu sarua jeung urang, pohoan, kawantu umurna geus ratusan taun, ti sainget kuring geus kitu patutna, awet jaya, disebutna kudu embah, tapi sok nampik, ngakukeun maneh Kabayan, padahal ari ngaranna nu enya mah Pakepoh. Tah, lamun disebut ngaranna nu enya sok ambek-ambekan, asa kateguh keur nyamur."

 Semah duanana: "Paingan sakti jelema aneh."

 Saikem "Nu matak atuh. Memeh disebut Pakepoh, bawa carita heula nu adab, injeum congkrangna bisi kuma onam. Pek sebut embah; lamun keu-keuh nampik entong inggis, gampleng wae tampiling kenca-katuhu, moal kieu-kieu dan kitu kahayangna. Lamun teu wani maksa, teu wani nepi ka nampilingna, maksud- 32