na satengah jeung satengah cenah. Pek sebut Pakepoh, tangtu ngambek nyarekan sagala, keun wae entong digugu, paksa pentaan tulung. Lamun nanyakeun, ti mana nyaho ngaran, jawab: ti tampian nu beh hilir, ti hulu lisung nu tonggoh.”
Cek semah nu saurang: “Teu batan asak tatanya. Kumaha embah dedeganana? Kawantu anyar pinanggih, kumaha mun kasalahan, pahili jeung tukang ngala suluh.”
Pamajikan si Kabayan: “Da eta oge tukang ngala suluh, nu matak sok mamawa congkrang. Dedeganana jelema meujeuhna, ngan rada bengkung, balas cindekul, nangkeup tuur. Beungeutna rada kanyos. Panonna carelong. tapi buringas cara mata alap-alap. Kumisna nya carang, nya cokrom. Ditatapang henten matut, buuk ngarewig, tatapongna geus rawing. Sukana rada kepoh.”
Semah: “Tah, ayeuna mah moal samar, ngan jalanna, ti dieuka mana?”
Saikem: “Ti dieu terus bae ka dinya, jol ka kebon sampeu, mengkol ka katuhu, terus nanjak mapay sisi kebon. Geus liwat kebon manggih jalan satapak, jalan ka leuweung. Moal sasab, da teu aya deui jalan.”