Lompat ke isi

Kaca:Sisindiran.djvu/101

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Mun haur cukang tiguling,
tangtu hese nungtun rounding,
Mun campur jeung tukang maling,
tangtu maneh milu maling.

Mawa kisa jeung bakatul,
hanggasa ngarora keneh,
Moal bisa ngurus batur,
mun teu bisa ngurus maneh.

Meuli kurupuk sadacin,
diwadahan kana kancah,
Nu dipukpruk ku prihatin,
eta diasih ku Allah.

Kiripik dihakan jangkrik,
na samak buatan Jogya,
Lamun teu apik teu rikrik,
alamat taya kaboga.

Bakul keur wadah gorengan,
dituruban ku ayakan,
Sakur lampah kagorengan,
teu paya dipirucaan.

Nu ngaliwet dina dalung,
disuluhan ku palapah,
Saha nu resep tutulung,
meunang ganjaran ti Allah.

Meuli wajit jeung jawadah,
dipake hajat kiparat,
Masing rajin nya ibadah,
ngalap ganjaran aherat

89