Ieu kaca geus divalidasi
Surabi make cipati,
didahar seep sawadah,
Nya rabi titipan Gusti,
dikadar kuat ibadah.
Ninyuh ubar ku cipati,
diwadahan piring gelas,
Anu sabar tea pasti,
ku Allah dipikawelas.
Sing getol nginum jajamu,
ambeh jadi kuat urat,
Sing getol neangan elmu,
gunana dunya-aherat.
Bubur waluh dina panci,
diawuran ku candana,
Gusti Anu Maha Suci,
henteu samar ka umatna.
Jajambaran bubur lemu,
kelewih picung diruang,
Untung jalma loba elmu,
leuwih ti beunghar ku uang.
Camcauh kahalodoan,
jadina handapeun nangka,
Ari mungguh kabodoan,
nungtunna kana doraka.
Limun dicampur ciatah,
bangkarak bungkus papais,
Geura mun nurut papatah,
awak maneh tangtu luis.
90