Lompat ke isi

Kaca:Sisindiran.djvu/104

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Mawa ragi ka Cilutung,
tikukur ngudag saeran,
Boh rugi atawa untung,
kudu sukur ka Pangeran.

Peso pondok karahaan,
da tara pisan diasah,
Saha nu sok mokahaan ,
tangtu pinanggih kasusah.

Kored parang lain timah,
ulah dikana batukeun,
Naon nu urang teu ngeunah,
ulah sok dika-baturkeun.

Sarangka dina palupuh,
pesona mah dina pager,
Ulah sok nyangka teu puguh,
mun maneh teu nyaho bener.

Kacapiring kembang jambe,
ekek paeh di nu lenang,
Tandaning jelema hade,
daek eleh sungkan meunang.

Mun kembang tongkeng nu kudu ,
geus layuna seungit madu,
Mun carnpur jeung tukang ngadu,
tangtu maneh milu ngadu.

Kembang pala kembang kadu,
ditiiran ku panitih,
Kapala nu resep ngadu,
nyarek maen moal matih.

92