Lompat ke isi

Kaca:Sisindiran.djvu/105

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Kembang beukah dina nyiru,
baruyeng ku haranggasu,
Manpaatna berkah guru,
mayeng upama cinyusu.

Kembang cangkudu bareukah,
diteundeun di tengah imah,
Hirup kudu amal sidkah,
sampeureun di Yomalkiyamah.

Kembang cangkudu bareukah,
pagulung jeung daun tepus,
Hirup kudu amal sidkah,
masing tulung ka nu pupus.

Daun solasih ngareluk ,
diseumat ku awi beulah,
Nu asih ka pada mahluk,
dirahmat ku Gusti Allah.

Morontod pelak salasih,
daunna dipake ubar,
Ulah sok kaburu asih,
teu aya batan nu sabar.

Hanggasa buni ku teki,
manuk puter na angsana,
Sing bisa make rejeki,
kajeun teu pinter ngalana.

Daun hanggasa congona,
lain eukeur tutulisan,
Anu ngarasa bodona,
lain jalma bodo pisan.

93