Lompat ke isi

Kaca:Sisindiran.djvu/109

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

    Toke nyumput dina tisuk,
    anakna lintuh lalingsig,
    Ari make ulah kusut,
    sing cakep bregegeh gilig.
     
    Anak kuda dipeutingkeun,
    indungna dika-gunungkeun,
    Nu ngarora hariringkeun,
    nu cicing hade dangukeun.
     
    Munding meuntas kana rakit,
    opatan anu mawana,
    Mending ngajaga kasakit,
    tibatan ngubaranana.

    Munding talina kosara,
    ambeh kuat moal rampung,
    Mun sagala lalawora,
    sagala niat nalapung.

    Sora titiran ku terang,
    melungna ka awang-awang,
    Pinter teh sagala terang,
    tata basa wulang luang.

    Sada beberut jeung puter,
    ditembalan ku balaster,
    Mun campur jeung jalma pinter,
    tangtu maneh milu pinter.

    Pepelung hiber ka pasar,
    ngalayang ka Daramaga,
    Sing tulung ka nu keur lapar,
    keur sampeureun di sawarga.

Sisindiran 7

97