Lompat ke isi

Kaca:Sisindiran.djvu/110

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Manuk ngutahkeun bakatul,
anak meri dikorangan,
Lamun nyusahkeun ka batur,
nyusahkeun diri sorangan.

Manuk walik nyamber kuuk,
jangkrik disamber saeran,
Mun sirik ka pada mahluk,
eta sirik ka Pangeran.
 
Manuk ekek leuwih aneh,
nerekel naek ka luhur,
Mending oge nyarek maneh,
batan dicarekan batur.

Manuk ekek macok nona,
disamberan ku bincarung,
Lamun sok era tatanya,
tangtu kasasar kasarung.

Manuk ekek na kalayar,
ngahakanan buah jagong,
Mun teu daek balangsiar,
pinasti alamat ngongkrong.

Manuk bondol na kihiang,
manuk walik sisi kulah,
Najan getol sambahiang,
mun sirik-pidik mah gaplah.
 
Manuk puyuh manuk dudut,
dina lamping Ciangsana,
Ulah sok kusut randutdut,
disamping sing sapancegna.

98