Ieu kaca geus divalidasi
Ngisikan geura ngisikan,
meungpeung cai herang keneh,
Ngilikan geura ngilikan,
meungpeung keur barujang keneh.
Baju bodas kaluahan,
lumayan piserebeteun,
Sosobatan ka duaan,
lumayan picerewedeun.
Ulah beuki teuing madu,
matak poho kana kejo,
Ulah beuki teuing ngadu,
sok poho ka anak-bojo.
Bangbara ngudag nyiruan,
eunteup kana dahan nona,
Saniskara kalakuan,
kudu jeung sabar darana.
Jajaran rinu bareukah,
diaseuk ku dahan nangka,
Ganjaran anu sidekah,
tara sok meunang doraka.
Marontok pelak solasih,
daunna dipake ubar,
Ulah sok kaburu asih,
taya batan anu sabar.
Cai nyerep kana kejo,
kade kotor kahuutan,
Ulah sok resep Ialajo,
bisi di kantor nundutan.
105