Lompat ke isi

Kaca:Sisindiran.djvu/118

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Kihuru dikerik-kerik,
keur bekel ka Dayeuhkolot,
Hirup masing bisa rikrik,
pibekeleun mun geus kolot.

Dulang katuruban nyiru,
pangarih dina isikan,
Ulah sok kaburu-buru,
masing rintih nya mikiran.

Gedong sigrong srimanganti,
Maharaja Betaljemur,
Entong serong ka salaki,
doraka saumur-umur.

Guru ratu wongatua,
karo soteh karo nira,
Kudu tuhu ka mertua,
parokeun jeung bapa nira.

Kembang waluh buah cengkir,
tangkal gedang ngarangrangan,
Montong jauh-jauh mikir,
teang di badan sorangan.

Jauh jalan ka pancuran,
ngala iwung ka Cimindi,
Mun jalma katalajuran,
kaduhungna sok pandeuri.

Bangkong dikongkorong kujang,
ka cai kundang cameti,
kole di buah hanggasa,
Ulah ngomong memeh leumpang,
hirup katungkul ku pati,
paeh teu nyaho di mangsa.

106