Ieu kaca geus divalidasi
c. Sesebred
Awi beulah pikeun tali,
dipasian digintiran,
Mugi ulah cua galih,
abdi bade sisindiran.
Pribumi nu ngajul jeruk,
kuring mah anu niiran,
Pribumi ulah rek giruk,
kuring arek sisindiran.
Kikinciran Rajagaluh,
diteundeun dina campedak,
Sisindiran henteu puguh,
estuning sapendak-pendak.
lsuk katung sore katung,
katungna siga popongkol,
lsuk nangtung sore nangtung,
sarungna hiji ge dobol.
Isuk-isuk ngala susuh,
ti beurang ngala bandawa,
catang kole beres bae,
lsuk-isuk datang nyuuh,
maranan teu barang bawa,
datang sore hees bae.
107