Ieu kaca geus divalidasi
Itu bulan-ieu bulan,
bulanna nojo ka panto,
Itu bujang ieu bujang,
bujangna arolo-olo.
Tarik angin ngadalingding,
ninggang kana pare beukah,
Ditarik kawin ngalinjing,
teu bogaeun keur ipekah.
Marakbak bentang baranang,
ti peuting ka langit deui,
Baranang randa ti beurang,
ti peuting ka kami deui.
Meuli topi meuli koper,
selop rumput dibungkusan,
Nyai koki ngaku pinter,
ngesop buntut diingguan.
Dudukuy pelentung digantung,
digantung dika-Tawangkeun,
Ku indung dijurung nyandung,
ku bapa dipangnembangkeun.
Ti peuting samping geresik,
ti beurang tumpal bandera,
Ti peuting pagilinggisik,
ti beurang papanggih era.
Jeruk paseh pipir bale,
ulam palid iwung bitung,
Nu kasep calik di bale,
baeu disaur ka lisung.
111