Lompat ke isi

Kaca:Sisindiran.djvu/127

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Melak ganas dina gombong,
sahiji dikacaikeun,
Ari panas geura ngomong,
pasini geura jadikeun.

Melak kaliki di pasir,
diala tunggang kareta,
Lalaki kurang pamik.ir,
balanja kudu dipenta.

Melak cabe dina Iamping,
leubeut henteu bala bae,
Hanas cape pulang anting,
geugeut henteu era bae.

Melak cabe jadi bonteng,
teu puguh jajaranana,
Urut hade jadi goreng,
teu puguh lantaranana.

Melak kacang dilanjaran,
melak jagong diterongan,
Eukeur hayang didatangan,
eukeur bogoh ditembongan.

Melak kacang dina batu,
ditanggeuhan kele kosong,
Anu nganjang geus ngabaku,
diteang dompetna kosong.

Melak jagong patengtongan,
melak kacang ngajarangjang,
Bogoh mah geura tembongan,
ari hayang geura nganjang.

115