Ieu kaca geus divalidasi
Melak pare jadi eurih,
hese diimeutanana,
Asal hade jadi peurih,
hese diimutanana.
Cau kepok cau raja,
cau lampeneng karoneng,
Alus repok gede bagja,
ngiringkeun nu pendek koneng.
Cau ambon dikorangan,
malati ka pipir-pipir,
Awewe ambon sorangan,
lalaki teu mikir-mikir.
Cau manggala dirujak,
amis henteu kesed bae,
Ewe randa budak-budak,
geulis henteu aced bae.
Cau kulutuk ditanggung,
cau manggala dirujak,
Kukulutuk hayang nyandung,
dicarek indung barudak.
Rarasaan melak cau,
teu nyaho mun melak jahe,
Rarasaan asa lucu,
teu nyaho mun matak rehe.
Magar teh cau lampeneng,
cau kepok dina nyiru,
Magar teh lampanyat koneng,
geuning nya dekok nya gembru
116