Lompat ke isi

Kaca:Sisindiran.djvu/136

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Ngala iwung hujan-hujan,
uyuhan teu merang teuing,
Indung-indung ngarah bujang,
uyuhan teu wirang teuing.

Kular-kelor ka kalerkeun,
iwung mah daunna hejo,
Budak molor digolerkeun,
indungna beuki lalajo.

Hanjakal ku handarusa,
jeruk paseh ti Samarang,
Hanjakal ku hade rupa,
hirup teu boga wiwirang.

Hanjakal ku handarusa,
buntiris daunna kandel,
Hanjakal ku hade rupa,
geulis henteu bisa nyambel.

Hanjakal ku tundajambe,
buruk deui-buruk deui,
kaduhung teu dicangcian,
Hanjakal ku beunang hade,
burung deui-burung deui,
kaduhung teu dijangjian.

Melak seureuh dina hunyur,
kuma piakareunana,
akama cikur jeung jambe,
Beubeureuh direbut batur,
kuma piakaleunana,
akalna ciduh jeung jampe.

Melak saledri teu jadi,
kaburu ku bongborosan,
Rek jadi santri teu jadi,
kaburu ku bobogohan.

124