Ieu kaca geus divalidasi
Daringding kacang gumading,
isukan dika-caikeun,
Ginding ge da beunang mating,
isukan dika-buikeun.
Supa dudut supa dulang,
supa ereng-ereng koneng,
Suka udud bari leumpang,
ngiringkeun nu pendek-koneng.
Supa dudut supa dulang,
hayang kupat didengdengan,
Hayang udud bari leumpang,
hayang keupat rerendengan.
Cocoretan-cocoretan,
supa mah di leuwi jurig,
Kakasepan-kakasepan,
rupa mah siga bebegig.
Tutulisan-tutulisan,
hanggasa dikoreh hayam,
Geugeulisan-geugeulisan,
pangrasa rea nu hayang.
Ngala kopi golondongan,
ka kaler ka kudang deui,
Papanggih jeung popotongan,
geus paler kahudang deui.
ltu-itu kondang leutik,
siga cocongoan awi,
ltu-itu lanjang leutik,
siga popotongan kami.
25