Lompat ke isi

Kaca:Sisindiran.djvu/138

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Beureum leunca-beureum leunca,
saladah gede beungkeutna,
Peureum beunta-peureum beunta,
nyi randa gede angkeutna.

Cikur jangkung jahe koneng,
lampuyang pamura beuteung,
Indung jangkung bapa koneng,
anakna bureuteu beuteung.

Manuk ciung dikempisan,
rambutan aratah keneh,
Dicium ku nu kumisan,
sabulan karasa keneh.

Manuk ekek ngudag julang,
diiring ku manuk aneh,
Si pendek ku sedep tuang,
tujuh piring hayang keneh.

Koek-koek manuk hideung,
dijalan ka Tarikolot,
Poek-poek kuring ludeung,
neangan cawene kolot.

Aeh-aeh manuk kahkeh,
baduyut paayang-ayang,
Bari ku teu geura paeh,
hirup ge teu matak hayang.

Corekcak manuk corekcak,
eunteup dina pager eunyeuh,
Awewe ponges jeung pecak,
lalakina teu mireungeuh.

126