Lompat ke isi

Kaca:Sisindiran.djvu/141

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

    Hayam beureum diteukteukan,
    ku keris kai maringgi,
    Hayang peureum deudeukeutan,
    kuma pirasaeun ati.
     
    Hayam rengge di buruan,
    lumpat kana kolong sasak,
    Awewe sok timburuan,
    imah kusut awak ruksak.

    Hayam saha rengge koneng,
    daweung-daweung ka landeuhkeun,
    Lanjang saha pendek koneng,
    daweung-daweung ka kamikeun.

    Hayam saha rengge koneng,
    camutmut pulang ti situ,
    Lanjang saha pendek koneng,
    samutut pinuh ku huntu.

    Hayam jalak hayam kondang,
    pais endog atah keneh,
    Teu diala teu diondang,
    ka dieu mantog ku maneh.

    Hayam kongkrongok di gedong,
    ditembalan ku titiran,
    Hayang ngalongok ngadepong,
    ngan can puguh pipikiran.

    Mihape hayam salawe,
    tujuh likur jeung jaluna,
    Mihape bujang nu hade,
    meungpeung jauh jeung indungna.

Sisindiran 9
129