Ieu kaca geus divalidasi
Kingkiringik dina huni,
kokotak dina muhara,
Si Nyai ceurik nyamuni,
ningal engkang rek ngumbara.
Sayang piit kah uruan,
haseupna bau candana ,
Bujang leutik timburuan,
kurang gede balanjana.
Puyuh ngungkung di Cikarang,
ungkut-ungkut na parungpung,
Kerah nangtung dasi malang,
nya udud mulungan kuntung.
Congcorang dua saliang,
eunteup dina panglinggihan,
Dua-dua ku kasorang,
hiji oge pamilihan.
Iwir-iwir dina gawir,
ngadenge jogjog disada,
Nini-nini tingalacir,
ngadenge dogdog disada.
Kuda saha make sela,
poponggok saung barujul,
Randa saha matak gila,
awak montok hulu dugul.
Itu saha nungtun munding,
digantelan sapu nyere,
Itu saha ginding teuing,
sihoreng boga bebene.
130