Munding saha dongkol hideung,
dicangcang na amismata,
parabna eurih sakati,
Bujang saha coyor hideung,
matak ragragan cimata,
matak teuing peurih ati.
Anak bangkong ditalian,
diparaban ku bakatul,
Ngalengkong hayang lakian,
ngadago salaki batur.
Tampian kuring di girang,
laukna lele jeung bogo,
Sangkilang kuring muriang,
teu weleh aya nu bogoh.
Urang marak Cikoreak,
laukna lele jeung kehkel,
Barudak tingkaroceak,
indungna milu jeung ogel.
Lauk disamberan hingkik,
lele mah dirontok ucing,
Hirup ulah sok pelekik,
paeh mah dilebok cacing.
Bogo hejo-bogo hejo,
kurang pisan tampelena,
Bogoh nenjo-bogoh nenjo,
kurang pisan pamerena.
Sok hayang nyair ka situ,
cenah loba anak lele,
teu mais ge meuleum bae,
Sok hayang ka randa itu,
cenah boga anak tere,
teu ngais ge neunggeul bae.
Kaca:Sisindiran.djvu/143
Pidangan
Ieu kaca geus divalidasi
131