Lompat ke isi

Kaca:Sisindiran.djvu/146

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Rincik-rincik hujan leutik,
paralak hujan tambaga,
Ngilik-ngilik bujang leutik,
hanjakal aya nu boga.

Kang mandor batok katajong,
daun kawung awur-awuran,
Kang mandor ulah dek nganclong,
kuring daek ngabaturan.

Ketuk tilu kendang dua,
ronggeng ngurilingan damar,
Huntu tilu pohang dua,
nengges siga huntu Semar.

Juragan suling bantingkeun,
bantingkeun ka kebon awi,
Juragan kuring kawinkeun,
kawinkeun ka nu kamari.

Juragan suling bantingkeun,
bantingkeun ka kebon tiwu,
Juragan abdi kawinkeun,
kawinkeun ka putra kuwu.

Juragan suling bantingkeun,
bantingkeun kana kamalir,
Juragan kuring kawinkeun,
kawinkeun ka urang hilir.

Menta tektek jeung jambena,
pibekeleun ka Cianjur,
Menta pelet jeung jampena,
pibekeleun kuring lacur.

134