Lain tektek lain jambe,
kuciat jadi di sawah,
Lain pelet lain jampe,
duriat paparin Allah.
Nyeri teuing tungtung cinggir,
kakeset ku daun genjer,
Nyeri teuing tungtung pikir,
kapelet ku ronggeng doger.
Ela-ela sama ela,
tarik angin ngadalinding,
ninggang kana pare beukah,
Lain kuring nu teu bela,
ditarik kawin ngalinjing,
teu boga eukeur ipekah.
Daek medu daek busung,
daek dikolomoh tongo,
Beak baju beak sarung,
melaan awewe bengo.
Duit ketip duit heumpeung,
duit bodas kapanasan,
Aki teu tinggal ti eunteung,
kumis bodas dipulasan.
Lain kuring kutu mayang,
nya kopo ka pipir-pipir,
kararas beak ku domba,
Lain kuring henteu hayang,
nya bogoh bati kapikir,
ari ras aya nu boga.
Aeh-aeh ka Banjaran,
turun subuh ka pancuran,
Paeh ge teu panasaran,
enggeus seubeuh lalacuran.
Kaca:Sisindiran.djvu/147
Pidangan
Ieu kaca geus divalidasi
135